Tugas untuk Al Buruj

Tangtukeun Padalisan, guruwilangan, jeung guru lagu tina pupuh di handap ieu!

1. Pupuh Sinom

Warna-warna lauk émpang
Aya nu sami jeung pingping
Pagulung patumpang-tumpang
Ratna Rengganis ningali
Warnaning lauk cai
Lalawak patingsuruwuk
Sepat patingkarocépat
Julung-julung ngajalingjing
Sisi balong balingbing sisi balungbang

2. Pupuh Gurisa
Hayang teuing geura beurang
Geus beurang rék ka Sumedang
Nagih ka nu boga hutang
Mun meunang rék meuli soang
Tapi najan henteu meunang
Mo rék buru-buru mulang
Rék terus guguru nembang
Jeung diajar nabeuh gambang

3. Pupuh Pangkur
Bapa Doblang pada terang
Kumis baplang nuruban biwir nu jeding
Pipi kemong, irung mancung
Panon buringas hérang
Goréng omong gawang-geuweung harung gampung
Pantrang mayar kana hutang
Licik sarta sok curaling

4. Pupuh Wirangrong
Barudak mangka ngalarti
Ulah rék kadalon-dalon
Enggon-enggon nungtut élmu
Mangka getol, mangka tigin
Pibekeleun saréréa
Modal bakti ka nagara

kawih

kawih nyaeta rakitan basa sabangsa dangding nu teu make patokan pupuh. ngawih nyaeta ngalalagukeun kawih atawa sisindiran iwal ti pupuh.

antara kawih jeung kakawihan teu sarua. kawih mah mangrupa sebutan lagu nu ngan bisa digalindengkeun ku juru sekar atawa sinden, lagu sareng rumpakana dijieun husus ku panyanggi (komponis) contona lagu Polos Tomo. sedengkeun kakawihan mah nyaeta lagu rahayat, hartina lagu jeung rumpakana geus ngabaku, sipatna anonim, jeung sumebarna geus lila. ku kituna disebut ge kakawihan barudak atawa kakawihan urang lembur. contona lagu Ucang-Ucang Angge. Lagu Karatagan kapahlawanan kaasup kawih moderen

contoh kawih

Katumbiri
(ciptaan Mang Koko Koswara)

Katumbiri melengkung ti kahiangan
Hujan kembang tumawur ka Pajajaran
Widadari lumungsur muru tampilan
Ngadon siram di leuwi Sipatahunan

Dengkeng nineung
Kalangkang mangsa ka tukang
Dengkeng nineung
Silanglang dina panyawang

latihan
1. Naon hartina kawih teh?
2. Saha nu nyiptakeun Katumbiri?
3. Nyaritakeun naon kawih katumbiri teh?
4. Saha nu ngagalindengkeun kawih?
5. Naon ciri-cirina kakawihan?

paribasa sunda

Paribasa Sunda

1. Abong létah teu tulangan
Sagala dicaritakeun sok sanajan bakal pikanyerieun haté batur
Semua diceritakan tidak perduli akan menyakiti hati orang lain.

2. Adéan ku kuda beureum
Ginding ku pakéan meunang nginjem
Menyombongkan barang pinjaman atau barang milik orang lain.

3. Biwir nyiru rombéngeun
Resep nyaritakeun rusiah atawa kasalahan batur
Senang menceritakan rahasia atau kesalahan orang lain

4. Bonténg ngalawan kadu
Nu héngkér ngalawan nu bedas
Yang kuat melawan yang lemah

5. Dug hulu pet nyawa
Usaha satekah polah pikeun kahirupan satuluyna
Bekerja keras untuk kehidupan di masa depan

6. Goong nabeuh manéh
Ngagulkeun diri sorangan
Memuji-muji diri sendiri

7. Gindi pikir belang bayah
Goréng haté
Berhati buruk

8. Hurung nangtung siang leumpang
Sagala aya, beunghar
Hidup mewah

9. Halodo sataun lantis ku hujan sapoé
Kahadéan nu geus sakitu lilana lantis ku hujan sapoé
Perbuatan baik yang telah lama dilakukan hilang atau dilupakan begitu saja oleh
karena suatu perbuatan jelek

10. Kawas gaang ka tincak
Jempling atawa jemplé
Tiba-tiba sepi, tidak terdengar suara apa-apa lagi

11. Kandel kulit beungeut
Teu boga kaéra
Tidak punya rasa malu

12. Kawas leungeun nu palid
Leungeunna teu daék cicing uyup-ayap kaditu ka dieu
Tangannya tidak bisa diam segala dipegang

13. Ka cai jadi saleuwi ka darat jadi salebak
Sauyunan, layeut tara paraséa
Akur, seia sekata

14. Monyet ngagulung kalapa
Boga élmu tapi teu nyaho maksudana
Mempunyai ilmu tapi tidak mengerti maksudnya

15. Nyeungeut damar di suhunan
Barang béré bari hayang ka puji
Memberi sambil ingin dipuji (tidak ikhlas)

16. Ngéplék jewer ngandar jangjang
Éléhan taya kawani
Selalu kalah tidak ada sifat berani

17. Ngawur kasintu nyiehkeun hayam
Ari kabatur bageur sagala dibikeun, ari kadulur sorangan medit
Kalau ke teman baik sekali semua diberikan, kalau ke saudara sendiri pelit

18. Ngeupeul ngahuapan manéh
Ngaluskeun hiji perkara untuk kepentingan sendiri
Mementingkan satu urusan untuk keuntungan pribadi

19. Ngadék sacékna nilas saplasna
Kudu adil bijaksana
Harus adil serta bijaksana

20. Pupulur méméh mantun
Ménta buruhan méméh ngalaksanakeun gawé
Meminta gaji sebelum melaksanakan pekerjaan